Minggu, 13 Maret 2011

Kasundaan Nu Beuki Ngorotan

Puluhan taun ngumbara, kasundaan teh asa beuki ngorotan. Ukur basa nu masih ngancikna diri teh. Lian-lianna mah duka ragrag dimana. Sunda idealna mah kapan pemahaman jeung pengamalan budaya anu gembleng. Lain ukur basa, tapi di jerona oge aya sikap, etos, budaya, pola pikir, pola interaksi, jeung sejenna. Sakabeh unsur eta kudu nyangkaruk dini diri urang sunda. Ngajadikeun urang sebagey insan nu beda, nu unik, nu nyunda.

Kiwari, tong boroning dina tangtungan kuring anu geus puluhan taun ngumbara, di jajaran urang sunda nu masih aya di wewengkon sunda oge, ciri-ciri kasundaan teh geus mimiti laleungitan.

Meureun itu oge salah sahiji keberhasilan pangwangunan kaindonesiaan. Manusa-manusa Indonesia kapan diarahkeun jadi warga Indonesia anu gembleng: teu feodal, teu sektoral, teu sukuis, tur ngabogaan kabanggan sebagai insan indonesia. Asal urang, oge basa, ahirna ukur jadi embel-embel ti masa katukang. Embel-embel anu beuki lila beuki kapopohokeun, beuki taya artinya, ukur jadi penanda identitas dina pergaulan. Ukur jang nunjukeun: oh pa ieu anu aslina urang sunda, pa itu anu aslina ti jawa.

Kalan-kalan urang bisa nyaksian urang kota anu nineung ku tempat asalna, ku akarna, ku tempat asal jeung budayana. Kasono eta mindengn dijelentrekuen dina gaya imah, gaya ngawinkeun, gaya masakan. Tapi kuring yakin eta teh ukur kulit wungkul.

Ti poe ka poe identitas urang teh bakal beuki seragam: jadi warga indonesia anu leuwih milih hal-hal gampang jeung praktis, warga anu dangkal, anu materialistis, anu senang make jalan pintas, anu egois, anu ..ah pokona loba negatipna lah.(*)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar