Jumat, 18 Maret 2011

Dina Kikisik Basisir Pangandaran

Datang deui kadieu. Basisir Pangandaran. Poe ampir tamat. Panonpoe meh teuleum
diheungheum sagara. Warnana beureum kakonengan, beuki endah mantul dina
beungeut cai.

Tapi, kaendahanana asa teu sarua. Asa sepa. Taya ajeun marengan lengkah kuring
mapay-mapay kikisik basisir.

Geus sabaraha lila nya anjeun lunta? Ninggalkeun hate kuring nu gudawang.
Tatuna teu limpud-limpud. Nyerina mindeng kasuat-suat.

Harita, wanci saperti kieu pisan urang ngalengkah bari patarema ramo. Teu loba
carita, pada-pada husu ngararasakeun endahna sore. Ngararasakeun endahna
hubungan anjeung jeung kuring.

Basa sarengenge mimiti bus mubus kana tungtung cai, urang diuk pagegeye.
Nyerangkeun kaajaiban alam. Angin rintih ngulinkeun buuk anjeun. Sakapeung
tungtung buuk teh nyapuan beungeut kuring. Seungitna nembras kana
angen-angen.

Basa leungeun kuring narik cangkeng anjeun supaya adek ka kuring, anjeun ukur
imut. Peuting eta emut anjeun eta teh ampur teu leupas tina biwir salira.
Basa kuring narik awak anjeung kana lebah dada. Basa leungeun ngusapan
tonggong jeung bagean-bagean awak anjeung lianna. Basa urang kapalidkeun ku
asmara. Basa katresna urang bedah dina kikisik.

Tapi imut anjeun terus ilang. Dua minggu kaliwat anjeun datang bari
carindakdak. Hubungan urang kudu pegat. Kolot anjeun milih ngadahupkeun
anjeun ka bandar lauk urang kota.

Kiwari geus tilu taun anjeun lunta. Tapi kalangkang anjeun tetep teu ingkah
tinda jeroeun dada. Marengan tiap lengkah dina kikisik. Marengan tiap
usik-malik kuring. Minuhan poe-poe ku rasa ngungun.

Di basisir Pangandaran kuring kuring teu weleh mupusti harepan: iraha-iraha
anjeun atang deui nyambung katrena urang. Ah...(*)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar