Jumat, 18 Maret 2011

Di Sisi Gawir Kahirupan

Sanggeus lengkah nepi kadieu
kasadaran silih genti datang
merul lir silaru muru lampu


Geuning awak teh  sarwa tuna
lengkah pondok, awahan kurang
kahayang ukur ngawang-ngawang
taya hiji nu kataekan

Hirup kiwari
antukna ukur usaha
ngabangbrangkeun diri
supaya ulah peunggas harepan
supaya ulah mopo di tengah jalan(*)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar