Senin, 21 Maret 2011
Diuk Di Buruan Masigit
barudak ngadon ngolesed ti kelas ngaji
Anjeucleu ngumbar lamunan
Nungguan budak reres ngaderes iqro
Angin rintih ngageroan katunduh
Tina jeroeun diri
Dina kongkolak pikiran laliwatan
Pikiran-pikiran teu puguh hulu-tungtungna
Pikiran nu ngahudang marudah
Tina jeroeun sanubari
Nepi ka dieu hirup teh
Loba nu pantes disukuran
Tapi oge teu coceng
Rasa kakurang jeung kahanjakal
Di buruan masigit
Pikir ngacacang(*)
Powered by Telkomsel BlackBerry®
Jumat, 18 Maret 2011
Dina Kikisik Basisir Pangandaran
diheungheum sagara. Warnana beureum kakonengan, beuki endah mantul dina
beungeut cai.
Tapi, kaendahanana asa teu sarua. Asa sepa. Taya ajeun marengan lengkah kuring
mapay-mapay kikisik basisir.
Geus sabaraha lila nya anjeun lunta? Ninggalkeun hate kuring nu gudawang.
Tatuna teu limpud-limpud. Nyerina mindeng kasuat-suat.
Harita, wanci saperti kieu pisan urang ngalengkah bari patarema ramo. Teu loba
carita, pada-pada husu ngararasakeun endahna sore. Ngararasakeun endahna
hubungan anjeung jeung kuring.
Basa sarengenge mimiti bus mubus kana tungtung cai, urang diuk pagegeye.
Nyerangkeun kaajaiban alam. Angin rintih ngulinkeun buuk anjeun. Sakapeung
tungtung buuk teh nyapuan beungeut kuring. Seungitna nembras kana
angen-angen.
Basa leungeun kuring narik cangkeng anjeun supaya adek ka kuring, anjeun ukur
imut. Peuting eta emut anjeun eta teh ampur teu leupas tina biwir salira.
Basa kuring narik awak anjeung kana lebah dada. Basa leungeun ngusapan
tonggong jeung bagean-bagean awak anjeung lianna. Basa urang kapalidkeun ku
asmara. Basa katresna urang bedah dina kikisik.
Tapi imut anjeun terus ilang. Dua minggu kaliwat anjeun datang bari
carindakdak. Hubungan urang kudu pegat. Kolot anjeun milih ngadahupkeun
anjeun ka bandar lauk urang kota.
Kiwari geus tilu taun anjeun lunta. Tapi kalangkang anjeun tetep teu ingkah
tinda jeroeun dada. Marengan tiap lengkah dina kikisik. Marengan tiap
usik-malik kuring. Minuhan poe-poe ku rasa ngungun.
Di basisir Pangandaran kuring kuring teu weleh mupusti harepan: iraha-iraha
anjeun atang deui nyambung katrena urang. Ah...(*)
Di Sisi Gawir Kahirupan
kasadaran silih genti datang
merul lir silaru muru lampu
Geuning awak teh sarwa tuna
lengkah pondok, awahan kurang
kahayang ukur ngawang-ngawang
taya hiji nu kataekan
Hirup kiwari
antukna ukur usaha
ngabangbrangkeun diri
supaya ulah peunggas harepan
supaya ulah mopo di tengah jalan(*)
Kamis, 17 Maret 2011
Heuras Leuleus Atikan Budak
Perkara budak jeung atikanana
Bingung ku pendekatan
Mending keras atawa ngigelan
Kahayang budak
Duanana asa loba madaratna
Mun keukeuh keras ngandelkeun kudu jeung pokona
Lewang bisi anakna malah
Neundeun kaceuceub
Jeung jiwa baruntak
Mun diturutan sakahayangna atuh meureun tumuwuh tuna disiplin pisan
Jadi mending mana
Kudu kumaha(*)
Powered by Telkomsel BlackBerry®
Rabu, 16 Maret 2011
Panineungan Keur Guareun
menarik anu bisa diguar ditulis deui. Keun urang sebutan hiji-hiji, engka
nulisana mah pandeuri.
- moro bagong
- lalajo ngadu bagong
- peperangan make bedil kai pelor takokak
- ngabedahkeun balong
- nyair hurang di walungan
- lalajo nu mortas (ngala lauk ke racun portas)
- seope (gotong royong nyieun jalan)
- ngojay di balong
- ngala eupan embe
- ngala suluh
- ngadu kaleci
- maen langlayangan
- kekemahan atawa sasaungan
- nguseup
- nangkeb jeung ngaleugeut manuk
- ngunduh dukuh
- ngala manggu
- mulung cengkeh jeung ngala kapol
- diajar nyawah
- perkenalan jeung buku
- teu jadi diajar silat
- nyieun ranggon
ah masih loba keneh pangalaman baheula nu bisa dipedar teh. Ke sugan aya waktu
rek ditulis. Sugan bisa jadi pulunganeun.(*)
Rebun-rebun Emut ka Bapa
na tungtung daun
da sabudeureun
ukur beton
jadi emut ka almarhum bapa
rebun-rebun sok gasik
ngajak ka kebon
"najongan ibun
urang jadi sehat," pokna
harita nurut bari murukusunu
kiwari kabayang endahna
rebun-rebun
di tegal beton
emut ka apa
anjeuna guru basajan
milih ngebon keur
nutup kabutuhan
mending pansiun dini
bongan taak
kudu terus nyogok
demi naek pangkat
mugia anjeung
dipaparin tempat
terhormat
di sandingeun Mantenna
amin(*)
Paribasa Sunda Jeung Hartina
- aya kariweuhan.
Geulis kawanti-wanti endah kabina-bina
/ Geulis bawa ngajadi endah bawa ti kudrat
- Geulis pisan
Di dinding kelir di sindang siloka
- di kiasankeun
Kakoncara kamana-mana, ka jamparing angin-angin
- Geus kacida dipiwanohna
Geletuk batuna, gejebur caina
-Kacindekan ahir
Indung tungkul rahayu, bapa tangkal darajat
- Nu jadi kolot kudu pohara di hormatna..
Tunggul di rarung, catang di rumpak
- Nyingkirkeun sagala hahalang
Inggis ku bisi, rempan ku sugan
- Rasa kasieun jeung hariwang
Takdir teu bisa dipungkir, qadar teu bisa di singlar
- Teu bisa mungkir tina takdir
Legok tapak genteng kadek
- Loba pangalamanna
Urang teundeun di handeuleum sieum, Tunda di hanjuang siang
- Teundeuh sing rapih
Nete taraje nincak hambalan
- ati-ati dina rengkak paripolah
Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket
-- Waspada
Kagunturan madu, kaurugan menyan putih
- Bungah kacida
Katarik ati kagendang asmara
-- Jatuh cinta
Teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan
-- Teguh pendirian
Cunduk waktu nu rahayu, niggang mangsa nu sampurna, niti wanci nu mustari
-- Tepat pada waktunya
Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak
-- Selalu bersama
teu nyaho di alip bingkeng
bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola
buluan belut, jangjangan oray
pamohalan kajadian
sabuni buni anu ngising
sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal
akhir sok kudu kanyahoan bae
nyolok mata buncelik
nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana
buruk buruk papan jati
ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh
teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan
ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae
leutik burih
euweuh kawani / elehan
daek macok embung dipacok
daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa
pakayana ku batur mah embung
dagang oncom rancatan emas
ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna
caang bulan dadamaran
migawe nu kurang mangpaat
disakompet daunkeun, dihurun suluh
dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda
deukeut deukeut anak taleus
ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya
ngadeupaan lincar
ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah
jeung diajak dahar
dihin pinasti, anyar pinanggih
baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna
loba teuing jaksa
loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu
dipapatahan
aya jalan komo meuntas
aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang
kalaksanakeun
meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra
kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih
gede
sereg di panto logor di liang jarum
nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung
kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema
taya tangan pangawasa
jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga
aya nu dianjing cai
aya nu diarep-arep atawa dihéroan. Kecap héro murwakanti jeung séro, ari séro
nu disebut anjing cai téa.
peureum kadeuleu beunta karasa
ngagambarkeun nu kaédanan sok inget baé ka nu dipikabogoh
samar polah samar rasa
henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi
kakara disidem dina haté baé, tacan bruk-brak
seungit angin-anginan
seungit pisan meleber ka mana-mana
satungtung deuleu
ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan
ciri sabumi cara sadésa
masing-masing tempat bogaeun adat séwang-séwangan anu henteu sarua
kudu bisa pindah cai pindah tampian
kudu bisa nyaluyukeun manéh jeung lingkungan anu anyar dicicingan;
henteu terus jeung haté
henteu saenyana, ngan ukur omong baé
silih jenggut jeung nu gundul
ménta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga
legok tapak genténg kadék
réa pangalaman jeung kanyaho
désa maca cara nagara mawa tata
ngagambarkeun yén kaayaan jeung adat kabiasaan di désa jeung kota (nagara) téh
béda-béda
heureut deuleu pondok léngkah
ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu réa babandingan da kurung batok
ngabéjaan bulu tuur
ngabéjaan jalma nu geus nyahoeun
puraga tamba kadengda
ngajalankeun paréntah sahayuna, asal ulah disebut henteu nurut kana aturan;
digawé asal baé
poék mongkléng buta rajin (atawa buta radin)
poék pisan, sasatna henteu témbong curuk-curuk acan
ulah leutik haté
ulah sieun atawa putus pangharepan
kabur pangacian
sarua jeung kapupul bayu, leungit tanaga jeung sumanget
muncang labuh ka puhu
jalma nu saumur-umur ngumbara balik ka tempat asalna atawa tempat lahirna.
Bandingkeun jeung kebo mulih pakandangan
garo singsat
samar polah henteu sabar ku sabab nu didagoan henteu jol baé. Nu sok
digambarkeun garo singsat mah awéwé
nuturkeun indung suku
leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan
dahar soré henteu isuk
ngagambarkeun jalma miskin anu henteu bisa dahar dua kali sapoé, biasana
digunakeun dina carita atawa dongéng
dug hulu pet nyawa
digawé henteu ngingetkeun kacapé ku sabab hayang nyiar napakah keur anak
pamajikan nu cukup
sisit kadal
sial
tanda wisnu
tanda bawa waktu lahir dina badan, biasana henteu daékeun leungit nepi ka
kolot
nepi ka kaurugan taneuh beureum
nepi ka maot. Biasana digunakeun pikeun némbongkeun kainget nu moal laas-laas
ka jalma anu geus nulungan atawa nyieun kahadéan
teu uyahan
henteu nyari atawa kurang ajar. Pikeun nyebut jalma anu kalakuanana atawa
omonganana henteu merenah
sakecap kadua gobang
ngagambarkeun sipat jalma anu gampang ambek. Bandingkeun jeung ambekna sakulit
bawang
geus euweuh pangabetah
geus henteu aya nu matak betah
ngaginding sataker tanaga (atawa sataker kebek)
dangdan sangkan ginding pisan, sagala rap dipaké
gandrung kapirangrung
kaayaan jalma anu kaédanan
heurin ku létah
rék nyarita kagok atawa sieun. Jalma leutik biasana ngarasaeun heurin ku létah
rék nyarita satarabasna ngeunaan kaayaanana ka nu di luhur
kawas hayam keur endogan
élékésékéng henteu sabar, cilingcingcat ka ditu ka dieu, samar cabak ku
lantaran hayang geura tepung atawa hayang geura ngadéngé béja nu
ditunggu-tunggu
satru kabuyutan
musuh tuturunan, atawa musuh gerot
tunggal sakocoran
masih sakaruhun, masih aya katalian pancakaki
sawan geureuh
gagal ku lantaran geus diomongkeun ku balaréa, cara nu lila teuing papacangan
tapi henteu jadi, disebut sawan geureuh. Sawan téh panyakit nu biasa terap ka
budak.
jadi lalab rumbah
jadi bahan omongan sapopoé. "Teu nyana Engkang téh mung alus saur wungkul,
beurat cinta dianggo lalab rumah, horéng ukur semet lambey"
luncat mulang
jalir tina jangji, omonganana henteu bisa dicekel, da robah-robah saban waktu
ngembang kadu
olohok bawaning akgét. Kembang kadu téh disebut olohok.
asa aing uyah kidul
asa aing pangpinterna atawa pangbeungharna, cindekna pangpangna. Uyah kidul
cenah kadarna leuwih réa, jadi karasana leuwih asin manan uyah ti laut
séjénna
ditincak hulu
dihina lain lumayan, dihina lak lak dasar/bebeakan
mangduakeun
nyolowédor, salaki atawa pamajikan neundeun haté atawa ngayakeun hubungan
cinta jeung nu séjén
kumaha geletuk batuna, kecebur caina
kumaha béhna, kumaha kajadianana baé
pondok jodo panjang baraya
sanajan geus papisah tapi ari duduluran mah ulah pegat kudu terus nganteng
saendengna
sapu nyéré pegat simpay
pileuleuyan, kalimah anu sok diucapkeun waktu rék papisah ku sabab aya nu rék
lunta jauh atawa pindah ka tempat séjén. Sok ditambahan: paturay patepung
deui. Sapu nyéré téh apan disimpay ku pameungkeut, lamun simpayna pegat,
pasti nyeréna mancawura
ambek nyedek tanaga midek
rék ngalawan tapi henteu walakaya
julig ati
goréng haté, hianat
teu kénging disupa dulang, teu kénging dibébénjokeun
wawangsalan nu ngagambarkeun kasono nu henteu bisa disisilihan ku naon baé.
Supa dulang = kéjo, sangu. Kecap kéjo murwakanti jeung bébénjo
kajeun kendor dapon ngagémbol
papatah nu nitah sabar, ulah gurung gusuh, dapon hasilna mucekil
dedeg sampé rupa hadé
ngagambarkeun dedeg pangadeg budak ngora (lalaki) anu pikaresepeun nu nénjo,
pangpangna awéwe
ngalambang sari
awéwe atawa lalaki nu geus boga salaki atawa pamajikan nu ngalakukeun hubungan
séks jeung nu lain muhrim; jinah
dikojayan
ditulungan tina karurubed
jelema andar-andar
jalma anu henteu puguh asal-usul jeung padumukanana, galandangan
nyiduh ka langit
méré naséhat ka saluhureun nu leuwih terang jeung leuwih réa pangalamanana
ngahudang timburu
nimbulkeun kacuriga. Timburu di dieu lain dina hubungan antara lalaki jeung
awéwé anu katalian ku katresna.
ka bau-bau sungut
omongan anu moal didéngé, moal dipaliré, jadi taya gunana
garo-garo teu ateul
gagaro lain ku lantaran ateul, tapi ku sabab bingung pilakueun, biasana anu
digarona téh tukangeun ceuli
kurang saeundan
rada gélo, kurang jejeg, otak miring. Saeundan téh sapocong, nyaéta satengah
geugeus. Baheula paré dibeungkeut jadi pocongan tuluy dua pocong dihijikeun
jadi geugeus atawa gédéng.
kawas kapuk kaibunan
ngagambarkeun nu kalenger atawa kapupul bayu ilang tanaga, leuleus lungsé
henteu tangan aya pangawasa
asa runtag bumi alam
asa lebur kiamat / kawas rek kiamat
taya dunya kinasihan
henteu ngorétkeun naon baé. "Geus asa ka anak sorangan bae, taya dunya
kinasihan, naon baé gé moal dikorétkeun."
randa béngsrat
randa anu waktu pipisahan jeung salakina masih kénéh parawan da henteu kungsi
ngayakeun hubungan badan ku sabab pista atawa élik
pohara dagdag-dédégna
ngagambarkeun jalma anu enyaan hayang ngaladénan sangkan nyugemakeun nu
diladénanana
lébér wawanén
gedé kawani, henteu boga kasieun
teu rék gedag bulu salambar
henteu ngarasa sieun saeutik-eutik acan sarta moal mundur, rék terus ngalawan.
kawas sisaru jadi
jalma anu ngadadak kalaluar ti imahna riab ka mana-mana
murang-maring
ambek-ambekan ka saha baé nu aya di deukeut manéhna
teu boga pikir rangkepan
bolostrong, sahinasna, nyarita atawa ngalakukeun hiji hal henteu
nimbang-nimbang piakibateunana
ngadék sacékna, nilas saplasna
jalma jujur nu tara pura-pura boh nyarita boh ngalakukeun naon baé, duméh aya
nu dipindingan atawa dirasiahkeun
ditéték nepi ka bubuk leutikna
diterangkeun kalawan écés sagala rupana, henteu aya anu disumput salindungkeun
neukteuk méré (mari) anggeus atawa neukteuk mawa anggeus
ngajak mutuskeun hubungan, embung papanjangan
murah congcot hambur bacot
béréhan dina barangbéré tapi gampang nyarékan jeung sok tara eureun ku
sakeudeung ari nyarékan téh
nganyar-nganyari
robah adat, nyieun kalakuan anu tara-tara ti sasari, biasana jadi goréng da
nimbulkeun masalah
tambuh laku
laku nu taya gunana, upamana indit rék nagih ka tempat anu jauh, ari hég
jalmana keur euweuh di tempat, jadi nyamos.
murag bulu bitis
landian jang jalma anu tara betah di imah
lungguh tutut
jalmaanu katingalina cicingeun (tara ka lawan jenis) tapi kabogohna aya
dimamana
ngarah pati
rék maéhan, rék ngala patina.
pahatu lalis
biasana budak anu geus henteu indung henteu bapa, nunggelis, hirup nyorangan
henteu aya tempat nyalindung.
sada gelap salésér
sora guludug anu ruruntuyan anu matak kagét jeung sieun, biasana dilarapkeun
ka jalma anu ngarasaeun kagét ku lantaran ngadéngé omongan anu henteu
disangka pisan tur matak wirang malah ngabahayakeun ka dirina.
seuri maur
seuri bari semu nyeri jeung éra, seuri kapaksa.
sisit kadal
goréng milik, sakapeung disebut goréng sisit. Jigana keur urang Sunda mah
sisit téh nangtukeun kadar.
teu aya nu dikilungan
teu aya anu disumputkeun, sagala rupana dicaritakeun sajalantrahna.
hayang ngarebut payung
hayang ngarebut kalungguhan atawa kapangkatan sabab di "jaman normal" mah,
gegedén téh sok dipaparin payung luyu jeung pangkatna.
lébér wawanén
pinuh ku kawani, henteu aya kasieun, ludeungan.
leungiteun tapak
leungiteun susudan. Nu ngudag leungiteun buronanana.
matak muringkak atawa muriding bulu punduk
matak sieun, matak keueung, sabab lamun ngarasa sieun bulu punduk sok
harudang.
meungpeun carang
api-api henteu nyaho, sanajan saenyana mah terang. Cara anu meungpeun tapi
ramona dicarangkeun, jadi bisa nangénan nanaon anu saenyana kajadian.
Meungpeun téh nutupan beungeut ku dua dampal leungeun anu dibébérkeun nepi ka
téténjoan kahalangan.
miceun salasah
miceun tapak (salah hartina tapak suku) sangkan anu ngudag salah ngajugjug. Nu
maling miceun salasah ku jalan neundeun barang beunang malingna di imah atawa
pakarangan batur sangkan nu boga éta imah atawa pakarangan anu disangka
malingna
teu nyaho di alip bingkeng
bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola
buluan belut, jangjangan oray
pamohalan kajadian
sabuni buni anu ngising
sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal
akhir sok kudu kanyahoan bae
nyolok mata buncelik
nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana
buruk buruk papan jati
ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh
teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan
ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae
leutik burih
euweuh kawani / elehan
daek macok embung dipacok
daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa
pakayana ku batur mah embung
dagang oncom rancatan emas
ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna
caang bulan dadamaran
migawe nu kurang mangpaat
disakompet daunkeun, dihurun suluh
dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda
deukeut deukeut anak taleus
ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya
ngadeupaan lincar
ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah
jeung diajak dahar
dihin pinasti, anyar pinanggih
baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna
loba teuing jaksa
loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu
dipapatahan
aya jalan komo meuntas
aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang
kalaksanakeun
meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra
kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih
gede
sereg di panto logor di liang jarum
nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung
kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema(*)
Leungiteun Janari
katutup kerek jeung impian
taya tahajud
taya insomnia
berekah
meureun hirup
geus leuwih hurip
nepika poho ka balik(*)
Selasa, 15 Maret 2011
Hirup di Kota
dina sela-sela kamacetan
unggal poe, unggal usik
ajen diri
kasabaran
kajembaran
nungtutan lalagragan
di sapanjang jalan
umur urang
beuki ngorotan
beak di jalan
ajen diri
terus nyungsep
didupak bayeungyang kota(*)
Sono
unggal lambar dikorehan
unggal gutret ditengetan
unggal layar dipolototan
neangan akar
nyungsi jati diri
lebeng...
lir nginum cai sagara
kalah beuki halabhab
kasono teu bisa kaubaran
reup peureum
tambah rosa:
galindeng tembang
hariring kasono
ngangajak balik
ka lembur
ka sunda(*)
Minggu, 13 Maret 2011
Kasundaan Nu Beuki Ngorotan
Kiwari, tong boroning dina tangtungan kuring anu geus puluhan taun ngumbara, di jajaran urang sunda nu masih aya di wewengkon sunda oge, ciri-ciri kasundaan teh geus mimiti laleungitan.
Meureun itu oge salah sahiji keberhasilan pangwangunan kaindonesiaan. Manusa-manusa Indonesia kapan diarahkeun jadi warga Indonesia anu gembleng: teu feodal, teu sektoral, teu sukuis, tur ngabogaan kabanggan sebagai insan indonesia. Asal urang, oge basa, ahirna ukur jadi embel-embel ti masa katukang. Embel-embel anu beuki lila beuki kapopohokeun, beuki taya artinya, ukur jadi penanda identitas dina pergaulan. Ukur jang nunjukeun: oh pa ieu anu aslina urang sunda, pa itu anu aslina ti jawa.
Kalan-kalan urang bisa nyaksian urang kota anu nineung ku tempat asalna, ku akarna, ku tempat asal jeung budayana. Kasono eta mindengn dijelentrekuen dina gaya imah, gaya ngawinkeun, gaya masakan. Tapi kuring yakin eta teh ukur kulit wungkul.
Ti poe ka poe identitas urang teh bakal beuki seragam: jadi warga indonesia anu leuwih milih hal-hal gampang jeung praktis, warga anu dangkal, anu materialistis, anu senang make jalan pintas, anu egois, anu ..ah pokona loba negatipna lah.(*)
Jumat, 11 Maret 2011
Bencana Dina Layar Kaca
koceak nganteur nyawa paragat
silih genti
muncul dina layar kaca
kabeh ukur laliwatan
ti ceuli kenca ka katuhu
atawa sabalikna
geus kacida mindengna
nepi ka karasa biasa
terus diulang-ulang
nepi ka ilang harti
atawa merueun pedah
hate urang geus ngabatu
ku kapusing hirup
jerit-jerit peurih
koceak paragat
boa isuk milik urang
boa batur rek mirosea
duh...(*)
Rabu, 09 Maret 2011
Kawijaksanaan Hirup ala Kabayan
Mang Kodir –sebut bae kitu– rieut mikiran kasusah hirup. Panghasilan pas-pasan. Imahna nu sagede pelok teh ampir teu bisa nampung anakna nu geus 6 urang. Saung bututna teh tambah karasa sesek basa istrina ngalahirkeun anakna nu katujuh.
Hiji waktu Mang Kodir menta nasehat ka si kabayan. Manehna hayang dibere jalan supaya imahna bisa leuwih lega tur bagena. “Gampang! neangan we hayam lima. Kerem di imah,” ceuk Si Kabayan.
Mang Kodir nurut. Samigu kaliwat ngalengis deui. “Naha taya hasilna resep maneh teh, Kabayan?”
Kabayan tembing serius. “Kapan karek resep kahiji etah mah. Masih keneh aya dua resep deui.”
Kang Kodir olohok, “Baruk masih aya dua deui? Cing naon bae?”
“Ayeuna neangan kelenci opat. Tunda di dapur.” Sanajan rada cangcaya Mang Kodir teh nurut.
Minggu katilu, Kabayan mere bongbolongan deui, “Neangan domba dua. Nginjeum ka tatangga teu nanaon. Ingu di jero imah.”
Minggu kaopat Mang Kodir datang bari ambek. “Sia mah ngadon nyiksa aing, Kabayan. Kalah tambah sesek jeung rujit imah aing teh.”
Si Kabayan nyakakak. “Ih kapan eta mah karek langkah awal. Tah ayeuna karek solusina. Kabeh hayam, kelenci jeung domba teh kaluarkeun poe ieu oge. Di jamin isuk imah teh karasa lega tur lugina.”
Telu poe ti harita Mang Kodir papanggih duei jeung si kabayan. Beungeutna bengras. “Bener tokcer resep maneh teh Kabayan. Karas leuwih lega imah teh ayeuna mah,” pokna. Kabayan nyakakak.
Tina carita eta urang bisa narik kesimpulan: soal sempit jeung lega teh estu tergantung kana cara urang mandang kayaan. Tergantun kana situasi mana urang nyieun perbandingan.
Mang Kodir contona, mimitina ngarasa imhana sempit pisan lantaran nyieun perbandingan jeung imah batur nu leuwih lega. Tapi sanggeus ngabandingkeun jeung kondisi imahna basa didedetan sasatoan, Kang Kodir teh ngaras imahna jadi leuwih lega.
Hirup urang bisa saperti kitu. Lamun urang ngabandingkeun kaayaan urang jeung dungeun-deungun nu leuwih luhur, pasti urang humandeuar terus. Tapi mun ngabandingkeun jeung nu leuwih handap, urang tinangtu bakal lebih kerep nyukuran kayaan.
Pamulang, 25 Januari 2008
Sasab
geuning ngahianat
gelindeng tembang
hirup geus ised
beuki ngjauhan
deres kur'an
galindeng solawat
poe ganti
kahayang ngaberung
beuki tarik
poho ka asal
poho ka pangbalikan
beu...(*)
Selasa, 08 Maret 2011
Siga Sajak
ukur kecap-kecap pondok
nu diukir diendah-endah
keur nyamunikeun
maksud
can sajak
da teu endah
teu ngahudang
teu jero
hamo sajak
ukur kahayang
can kataekan(*)