Minggu, 25 Agustus 2013
Ngagedekeun si kembar
busur geus dileupaskeun
kuduna diculkeun
bebas neangan arah
nasib sewangsewangan
tapi da ati teu mikeun
keuekuh asa miboga
keukeuh asa nu ngayuga
antukna mindeng kuciwa
sering teu tarima
basa pupujan ati boga
ketak jeung karep sorangan
asa gagal
asa dihianatan
padahal karek genep satengah lengkah
geus sakieu banggana perjalanan
geus sakitu lobana karempan
geus sakieu napukna kasieun
padahal karek genap satengah lengkah
ah...(*)
Senin, 19 Agustus 2013
Di Kuningan
lembur pepek
dipayung gunung
imah pasesedek
mere omber keur
sawah-sawah marakpak hejo
hanyir kota
nyambuang
ti unggal jandela
jeung batin warga(*)
dipayung gunung
imah pasesedek
mere omber keur
sawah-sawah marakpak hejo
hanyir kota
nyambuang
ti unggal jandela
jeung batin warga(*)
Kamis, 07 Februari 2013
Asmara Tungtung Lengkah
Basa leungeun patarema
Di sisi lungkawing jungkrang
Aya katumbiri
Endah
mapaes paneuteup anjeun
Ngirim widadari
Jeung hariring
Jeroeun ati
Asmara urang
Nu endah
Ligar marengan
Renghap panungtung(*)
Sent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphone
Di sisi lungkawing jungkrang
Aya katumbiri
Endah
mapaes paneuteup anjeun
Ngirim widadari
Jeung hariring
Jeroeun ati
Asmara urang
Nu endah
Ligar marengan
Renghap panungtung(*)
Sent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphone
Langganan:
Postingan (Atom)