Jumat, 03 Juni 2011

Kabita

Pogot macaan karya batur. Pasti we langsung jorojoy hayang nulis. Tapi biasana ukur sabates kahayang. Mun geus ngamimitian tret nulis langsung kuring sadar kana sababaraha hal:
Pas-pasan. Pangaweruh basa sunda kuring teh pas-pasan pisan. Mikir teh make basa sunda, jadi mindeng rek nulis teh kudu nerjemahkeun heula pikiran kana basa sunda. Perkara ieu teu gampang dipilampah. Loba basa Indonesia nu teu kapulungan baa sundana.
Teu leukeun. Ieu biasana alternatif kadua nu terjadi basa kuring ngamimitian nulis. Gampang bosen, gampang teu percaya kana kualitas hasil tulisan sorangan. Gampang kabeakeun energi.
Taya kedalaman. Tah itu jadi bukti sejena keterbatasan basa sunda kuring. Kedalaman teh naon basa sunda nu pas nya? lah pokona mah kitu we. Nulis teh biasana teu bisa mawa pesen-pesen tambahan. Ukur sakocapkecap taya maksud jeung kawijaksanaan anu nyamuni tukangeun kalimah-kalimah nu dipake.
Loba kakurangan, tapi tetap we mun tas maca hasil karya batur sok jorojoy hayang nulis. Hayang boga karya sorangan. Hayang nyieun buku. Duka iraha nya tinekanan. (*)

1 komentar: