Senin, 11 April 2011

Kahayang

hayang ngaberung
ngajawul ka alak paul
mipit bentang
sideang dina haneut sareangenge

hayang miang
ngalengkah nuturkeun kahayang
leupas tina sagala bangbaluh
teu kauger ku inggis jeung rempan

hayang nyelem
neuleuman sagala ma'na hirup
ningalkeun belentrang karudet
jeung beban kakuciwa

hayang reureuh
handapeun tangkal kanikmatan
ngaregot madu kahirupan
bari mopohokeun sagala bangbaluh

hayang pisan
sakabeh impian
tinekanan(*)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar