hayang ngaberung
ngajawul ka alak paul
mipit bentang
sideang dina haneut sareangenge
hayang miang
ngalengkah nuturkeun kahayang
leupas tina sagala bangbaluh
teu kauger ku inggis jeung rempan
hayang nyelem
neuleuman sagala ma'na hirup
ningalkeun belentrang karudet
jeung beban kakuciwa
hayang reureuh
handapeun tangkal kanikmatan
ngaregot madu kahirupan
bari mopohokeun sagala bangbaluh
hayang pisan
sakabeh impian
tinekanan(*)
Senin, 11 April 2011
Minggu, 03 April 2011
Nguatkeun Tekad Keur Nulis
Sapeo sakotret. Sapoe sakecap. Sapoe maksakeun mareuman kahoream.
Eta tekad teh bulak-balik dikuatan. Ma'lum dina prakna tekad teh mindeng nyoledat. Kasibukan gawe, kasibukan di imah, kahoream anu nataku, jadi halangan nu terus datang.
Pasualan sejenna, soal motivasi. Kadang-kadang nulis teh teu jelas tujuanana. Taya geusan udageun. Ukur ditulis terus disimpe dina internet. Geusan bukaeun jaga, kereteg teh. Bari susuganan aya batur nu kersa macaan.
Sabenerna karasa manfaatna leukeun nulis catetan harian teh. Basa kuring ngungkaban deui tulisan heubeul bet kaget ku diri sorangan: naha bener kitu eta teh tulisan kuring. Asa hemeng. Asa rada agul.
Mindeng oge aya rasa putus asa mun seug ngabandingkeun tulisan jeung karya kuring, termasuk hasil barudak ngora nu tarapis pisan nyieun karya.
Tapi, ti poe ka poe teh seja rek terus nguatan tekad. Seja nulis sakotret sakotret. Dileukeunan. Sugan aya manfaatna. Dina misleukna nya keur ngalalanyahan basa sunda.(*)

Langganan:
Postingan (Atom)