Kamis, 26 Mei 2016

Video Lagu Sunda Tepung di Gunung (Siti Budak Bandung)

Video Lagu Sunda: Tepung di Gunung (Siti Budak Bandung)

Video Lagu pop sunda: Budak Saha (Wina)

Video Lagu pop sunda: Budak Saha (Wina)

Video Lagu Pop Sunda: Inget ka Lembur (vokal: Wina)

Video Lagu Sunda: Inget ka Lembur

Video: Profil Wina, Penyanyi Pop Sunda

Video: Profil Wina, penyanyi pop sunda

Video: Serat Kanggo Neng Wina

Video Serat Kanggo Neng Wina:

Sajak Sunda: Inget ka Lembur

Puisi Sunda Inget ka Lembur:

Minggu, 22 Mei 2016

Puisi: Inget ka Lembur

Geus jauh jumarigjeug lengkah nitian hambalan waktu tiap lolongkrang diringkangan unggal gupay didatangan demi nedunan kahayeng demi neangan hirup jeung hurip nu merenah geus lawas lembur ditinggalkan ukur nyesa kalangkang samar dina sela-sela lipetan lembar-lembar hate pinuh ku katugenah jeung kamarudah kalangkang bapa tangtungan ema beuki ngiles dina unggal pengkolan jalan hirup barala ku ramat harepan teu puaspuas batur ulin sobat sakola rencang ngaji geus malencar ka unggal juru dunya kabawa takdir sewang-sewangan ari diri ngajeten di dieu handapeun serab lampu kota diharudum katugenah pedah hirup teu daek merenah ditoelan rasa panasaran jeung sono kana hirup basajan di palemburan tapi, ah, duka basa lembur didatangan bet nu karasa ukur asing jeung kuciwa nu aya dina implengan beda jauh jeung kanyataan beungeut-beunget anyar bangunan-bangunan anyar ambisi-ambisi anyar nu baheula geus ampir teu nyesa antukna diri ngabedega di dieu di pasisian ibu kota unggal poe tipaparaduk ngungudag beus jeung kareta memerik harepan jeung kasempetan taya pisan katengtreman(*)