Jumat, 27 Mei 2016
Kamis, 26 Mei 2016
Video Lagu Sunda Tepung di Gunung (Siti Budak Bandung)
Video Lagu Sunda: Tepung di Gunung (Siti Budak Bandung)
Video Lagu pop sunda: Budak Saha (Wina)
Video Lagu pop sunda: Budak Saha (Wina)
Video: Profil Wina, Penyanyi Pop Sunda
Video: Profil Wina, penyanyi pop sunda
Video: Serat Kanggo Neng Wina
Video Serat Kanggo Neng Wina:
Sajak Sunda: Inget ka Lembur
Puisi Sunda Inget ka Lembur:
Label:
basa sunda,
inget ka lembur,
puisi,
sajak,
video,
wina,
youtube
Minggu, 22 Mei 2016
Puisi: Inget ka Lembur
Geus jauh jumarigjeug lengkah
nitian hambalan waktu
tiap lolongkrang diringkangan
unggal gupay didatangan
demi nedunan kahayeng
demi neangan hirup jeung
hurip nu merenah
geus lawas lembur ditinggalkan
ukur nyesa kalangkang samar
dina sela-sela lipetan
lembar-lembar hate
pinuh ku katugenah
jeung kamarudah
kalangkang bapa
tangtungan ema
beuki ngiles
dina unggal pengkolan
jalan hirup
barala ku ramat
harepan teu puaspuas
batur ulin
sobat sakola
rencang ngaji
geus malencar
ka unggal juru dunya
kabawa takdir
sewang-sewangan
ari diri
ngajeten di dieu
handapeun serab lampu kota
diharudum katugenah
pedah hirup teu daek merenah
ditoelan rasa panasaran
jeung sono
kana hirup basajan
di palemburan
tapi, ah, duka
basa lembur didatangan
bet nu karasa ukur asing
jeung kuciwa
nu aya dina implengan
beda jauh jeung kanyataan
beungeut-beunget anyar
bangunan-bangunan anyar
ambisi-ambisi anyar
nu baheula geus ampir teu nyesa
antukna diri
ngabedega di dieu
di pasisian ibu kota
unggal poe tipaparaduk
ngungudag beus jeung kareta
memerik harepan
jeung kasempetan
taya pisan katengtreman(*)
Langganan:
Komentar (Atom)