Rabu, 25 April 2012

Satengahing Jalan

ngajeten satengahing jalan
rempan
nitenan jalan sorangeun
kuciwa
ngareret tapak tukangeun

sarebu ketak
saratus kabungah
sajuta kanalangsa

nganteurkeun ka dieu
katitik ieu:
pagalona
kahanjakal jeung hamham
pacampurna
tunggara jeung kahayang hamo tinekanan

naon du diteangan?
naon du didagoan?

kuduna jadi spon
nu nyerep sagala
saripati hirup
ceurik satarikna
seuri satakerna
tembang sapuasna
nyatu saseubeuhna

tapi naha aya hamham
aya kemelang
aya kasieun
aya kosong
nyiwitan hate

di satengahing jalan
milangan huis
beuki ngandelan
nitenan sesa
harepan maruragan(*)

Selasa, 24 April 2012

diri

bleg budah laut
angkleung angkleungan
kasurung lambak
hate teu merenah
marojengjang
diolo kahayang
ujal ajol
teu daek bumetah(*)