Rabu, 17 Agustus 2011

Lalakon

harepan-harepan muguran
digombrangan kanyataan
bahuela sadeupa
ayeuna nyesa sajeungkal
ukur cukup
keur ngiderkeun lengkah
samemeh balik

diri beuki nyisi
ukur jadi pamanis
pamaes carita

kahayang-kahayang
nu masih mindeng datang
hiji-hiji dipareuman
hate sadrah
ngukur kamampu diri(*)