Minggu, 12 Juni 2011

Ilapat

Kahariwang nakolan dada handaruan nepakeun kamelang Kalangkang-kalangkang rempan kumelendang Nyieuhkeun katengtrem ceudeum haleungheum Asa kaambeu Gelap dor dar Bakal datang(*)

Sabtu, 04 Juni 2011

Polah Si Kembar

Libur. Sapopoe ukur guley jeung ocon. Ti waktu ka waktu teh polah si kembar tambah lucu, aneh, jeungg mindeng pimelangeun. Maranehna terus diajar hal-hal anyar, sikep anyar. Kadang matak nyeblak nitenan manehna pada merekedeweng mawa karep sorangan. Kadang bigung nyanghareupanana. Naha kudu diantep, ukur digeunggeureuhkeun atawa langsung dikerasan. Numatak ngjenghok teh si kaka mindeng pisan nunjukeun sikep egois, hayang meunang sorangan, tara pisan nenggang ka batur. Mun diomongan the langsung ngajawab biarin. Duka kumaha kudu mapatahanana.(*)
Powered by Telkomsel BlackBerry®

Jumat, 03 Juni 2011

Kabita

Pogot macaan karya batur. Pasti we langsung jorojoy hayang nulis. Tapi biasana ukur sabates kahayang. Mun geus ngamimitian tret nulis langsung kuring sadar kana sababaraha hal:
Pas-pasan. Pangaweruh basa sunda kuring teh pas-pasan pisan. Mikir teh make basa sunda, jadi mindeng rek nulis teh kudu nerjemahkeun heula pikiran kana basa sunda. Perkara ieu teu gampang dipilampah. Loba basa Indonesia nu teu kapulungan baa sundana.
Teu leukeun. Ieu biasana alternatif kadua nu terjadi basa kuring ngamimitian nulis. Gampang bosen, gampang teu percaya kana kualitas hasil tulisan sorangan. Gampang kabeakeun energi.
Taya kedalaman. Tah itu jadi bukti sejena keterbatasan basa sunda kuring. Kedalaman teh naon basa sunda nu pas nya? lah pokona mah kitu we. Nulis teh biasana teu bisa mawa pesen-pesen tambahan. Ukur sakocapkecap taya maksud jeung kawijaksanaan anu nyamuni tukangeun kalimah-kalimah nu dipake.
Loba kakurangan, tapi tetap we mun tas maca hasil karya batur sok jorojoy hayang nulis. Hayang boga karya sorangan. Hayang nyieun buku. Duka iraha nya tinekanan. (*)

Tanggah

Kurang nyukuran rejeki. Mindeng kabita ku nasib batur nu leuwih alus.
Antukna hirup teh terus marudah. Asa salawasna kurang, taya pisan kabagjaan.
Padahal ingetan milik nu aya na diri. Coba bandingkeung jeung batur di
sabudeureun, nu nasibna masih keneh pikasediheun. Pasti urang lansung sujud
muji ka Gusti. Tapi memang sipat manusa kitu. Sarwa teu puas, sarwa kabita.
Salawasna ngan tanggah bae.(*)