Minggu, 29 Mei 2011

Keur Anjeun

hayang micinta anjeun
miyuni taneuh
nyerep girimis
sadrah
sumerah
taya tuntutan
taya keluhan

hayang mikanyaah salira
sarupa bakti panonpoe
nu satia nyaangan alam
taya kabosen
taya hoream
taya kahanjakal

hayang bisa ngahargaan
cinta anjeun
salawasna
sagemblengna(*)

Senin, 23 Mei 2011

Pangandaran

taya jentreng kacapi
teu aya gelik suling
ukur ombak nu ngaletakan suku
pasosore nyanghunjar dina kikisik
beulahan ati di kenca-katuhu
tingtrim diri, tengtrem hate
nyerangkeun sarangenge
teuleum di tungtung laut
mun salilana poe teu robah meureun endah(*)

Meureun Anjeun

BOA anjeun
beubeulahan ati
nu teu kendat ngalangkang
na kongkolak angenangen

meureun salira
obat keur mepende
diri nu keukeuh marojengjang


nu kiwari maturan
gigiruenjelas lain

da ukur mawa tagiwur
nambahan karunsing ati
ti poe ka poe
taya robahna

sedeng anjeun
mampu ngeuyeuban diri
padahal urang pajauh
ukur saling baca kotretan
eusi hate
ukur silih simbeuh
ku basabasa basajan

boa anjeung beubeulahan ati teh..(*)

Muguran

geus suda
cinta urang
rasarasa nu baheula sirungan
kiwari muguran

urang sasar
lir kukupu leungiteun jangjang
kakalayangan
ilang cahaya harepan

meureun sarua salahna
da urang teu open kana
rasa sewangsewangan
asmara nu kungsi tumuwuh
kiwari taya sesana(*)

Imah

saung basajan
sisieun gang becek
satapak peucang
salega dunya

najan heureut
asa sigrong
penuh ka asih
lega ku kasadrah

imah urang
leuit pangampih asih
sajadah tempat segruk sumujud
bangku pakeeun buat ati
neuleuman kahirupan

saung basajan
sirung harepan(*)

Imah

saung basajan
sisieun gang becek
satapak peucang
salega dunya

najan heureut
asa sigrong
penuh ka asih
lega ku kasadrah

imah urang
leuit pangampih asih
sajadah tempat segruk sumujud
bangku pakeeun buat ati
neuleuman kahirupan

saung basajan
sirung harepan(*)